Kepribadian Jelema Ditingali Tina Cara Hitutna

1. Jelema Teu Jujur: Hitut tapi nyalahkeun ka nu lain
2. Jelema Ceuleupeung: Jelema nu nahan hitutna nepi ka jam-jaman
3. Jelema Nu Boga Wawasan Luas : Nyaho iraha waktu hitut nu pas
4. Jelema Sangsara: Hitut oge nepi ka teu bisa
5. Jelema Misterius: Manehna hitut, tapi nu lain teu nyaho
6. Jelema Gugup: Nahan hitut waktu manehna hitut
7. Jelema Percaya Diri: Hitut sorangan disangka ku batur seungit
8. Jelema Sadis: Geus hitut dikipas-kipas ka batur
9. Jelema Eraan: Manehna hitut teu disada, tapi era sorangan
10. Jelema Strategis: Sora hitut ditutup ku seuri manehna nu tarik
11. Jelema Bodo: Manehna geus hitut langsung nyedot hawa, pikeun ngaganti hawa nu kaluar
12. Jelema Pedit: Hitutna saeutik-saeutik
13. Jelema Sombong: Hitut sorangan disadakeun tarik terus diangseuan ku sorangan
14. Jelema Someah: Resep pisan ngangseu hitut nu lain
15. Jelema Teu Resep Gaul: Lamun hitut sok nyumput
16. Jelem Akuatik: Resep hitut di jero cai, misalna di kolam renang
17. Jelema Atletis: Lamu hitut sok dibarengan tenaga dalam
18. Jelema Jujur: Sok ngaku lamun manehna geus hitut
19. Jelema Pinter: Bisa nyaho saha nu hitut
20. Jelem Sial: Batur nu hitut, manehna nu disalahkeun
21. Jelema Beruntung: Hitut tarik, tapi batur teu nyahoeun
22. Jelema Gelo: Hitut sorangan bauna ku sorangan nyalahkeun ka sorangan
23. Jelema Lemah Otak alias Lemot: Manehna hitut, tapi teu nyadar yen manehna geus hitut
24. Jelema Dermawan: Lamun hitut, bauna nyebar merata nu lain kabeh kabagean
25. Jelema Hemat: Lamun hitut, bauna tahan lama
26. Jelema Ribut: Hitut tarik kabeh ngadenge
27. Jelema Seniman: Hitutna aya melodian
28. Jelema nu Bisa Jaga Rusiah: Hitutna tara disada, kitu oge bauna
29. Jelema Sopan: Jelema mun hitut menta hampura jeung ijin heula
30. Jelema Paling Sial: Geus mah batur nu hitut, bauna kabagean, manehna nu disalahkan deuih!:
31. Jelema Nu Ngutamakeun Kabersihan: Lamun rek hitut calanana dileupaskeun heula
32. Jelema Korup: Hitutna bau pisan!
33. Jelema nu Rajin Nabung: Lamun hitut diwadahan kana kantong plastik terus ditalian
34. Jelema Boros: Sok hitut jeung nepi ka bukur-bukurna
35. Jelema Beunghar: Leuwih loba hitut daripada gawena
36. Jelema Euweuh Gawe: Unggal waktu ngabahas hitut jeung hitut we! Hirupna parusing ku hitut….

(Sumberhttp://banyolansunda.multiply.com/)

  1. Belum ada trackback.

Tinggalkan Balasan

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.